Oleh: Dr. H. Dinn Wahyudin, MA. (Wakil Rektor I Bidang Akademik dan Kemahasiswaan Universitas Koperasi Indonesia)

Isuk-isuk di Dusun Sudimampir. Halimun ipis can sagemblengna ninggalkeun galengan sawah. Di saung awi gigireun warung Bi Alsih, sababaraha warga geus karumpul. Aya nu rék indit ka kebon, aya nu rék ka sawah, aya deui nu ngan ukur ngarasakeun kopi panas bari ngahaneutan awak.

“Eh, ayeuna mah ka mana-mana nu diomongkeun téh koperasi deui, nya?” ceuk Mang Jaya bari niup kopi hideungna.
“Ceuk batur ayeuna aya KDMP, Koperasi Désa Merah Putih. Ari ditambah deui ku istilah Koperasi Kuantum,” walon Kang Asep.
Pak Ketua RT nu ti tadi ngaregepkeun ukur imut.
“Ngaranana mah memang anyar. Tapi maksudna mah sarua kénéh. Kumaha carana sangkan warga désa bisa maju babarengan, lain maju sorangan-sorangan.

Kabéh seuri leutik.
Di dusun Sudimampir, kecap “koperasi” téh lain kecap asing. Ti baheula gé warga geus wawuh. Aya nu kungsi jadi anggota, aya nu kungsi nginjeum modal, aya deui nu masih kénéh nyimpen carita pait.
“Nya éta, Pa,” ceuk Ma Isoh nu dagang rangginang jeung kurupuk seblak. “Baheula ogé kungsi aya koperasi. Mimiti mah rame. Lila-lila sepi. Aya nu pangurusna pindah, aya nu catetan kauanganana teu puguh. Tungtungna mah ngan kari papan ngaranna hungkul.”

Sababaraha warga nu keur kumpul unggeuk lalaunan.
Memang kitu kanyataanana. Di loba lembur, kaasup di dusun urang, koperasi kungsi datang mawa harepan. Tapi teu kabéh sanggup hirup lila. Aya nu kakurangan modal, aya nu kurang hadé ngokolakeunana, aya deui nu leungit kapercayaan ti anggota. Ku sabab kitu, waktu ngadéngé aya koperasi anyar, sawatara warga ngabagéakeun kalayan sumanget, sedengkeun nu séjén mah milih nungguan heula bari niténan.
“Mun kuring mah hayang percaya,” ceuk Kang Dédé nu boga usaha bibit sayuran. “Tapi ulah ngan ukur sumanget waktu diresmikeun. Sanggeus éta mah sepi deui.”

Omongan éta ngajadikeun suasana sakedapan jempling.
Pak RT tuluy unggeuk lalaunan.
“Nya éta tangtanganana. Koperasi ayeuna teu meunang ngan hirup waktu rapat atawa waktu aya bantuan. Kudu hirup dina kagiatan ékonomi warga sapopoé.”
Anjeunna nunjuk ka hamparan sawah di Sawah Lega nu mimiti konéng ku paré nu rék panén. Hamparan pare di sawah Lega sakeudeung deui panen.
“Tingali éta. Patani ngajual gabah sorangan-sorangan. Harga mindeng ditangtukeun ku batur. Padagang leutik néangan pasar sorangan. Barudak ngora boga produk, tapi bingung ngajualna. Mun leumpang séwang-séwangan mah hasilna ogé kawates. Nah, koperasi kuduna jadi tempat ngahijikeun éta kakuatan.”

Warga mimiti daria ngaregepkeun.
“Jadi, naon sabenerna Koperasi Kuantum téh?” tanya Ujang, nonoman lembur nu kakara balik kuliah ti UNSAP.
“Mun dina basa basajana,” jawab Pak RT, “koperasi nu tetep ngandelkeun gotong royong, tapi leuwih pinter ngamangpaatkeun téknologi. Leuwih transparan. Leuwih gancang ngalayanan anggota, sarta leuwih wani nyieun inovasi.”
“Jadi lain koperasi baheula?” ceuk Ujang bari seuri.
“Lain. Tapi lain ogé ninggalkeun ajén-ajén baheula. Gotong royongna mah tetep dipaké, ngan parabot jeung cara gawéna nu disaluyukeun jeung jaman.”

Panjelasan éta ngajadikeun warga Dusun Sudimampir mimiti ngarti. Maranéhna sadar yén jaman geus robah. Barudak ngora ayeuna ngajual produk maké telepon pinter. Nu meuli bisa datang ti mana waé. Informasi sumebarna leuwih gancang tibatan kendaraan nu ngaliwat jalan désa.
Sanajan kitu, di tengah sumanget jeung optimisme, rasa hariwang mah tetep aya.
“Urang ulah ngan ukur kagét ku ngaranna nu keren,” ceuk Mang Jaya. “Kuantum, digital, modern, kadéngéna memang alus. Tapi nu leuwih penting mah, naha pangurusna amanah? Naha anggotana aktip? Naha warga bener-bener ngarasa boga?”
Patarosan éta ngajadikeun kabéh unggeuk.

Sabab saenyana, hasil henteuna koperasi lain ditangtukeun ku gedéna ngaran. Tapi ku gedéna kapercayaan. Tanpa kapercayaan, koperasi ngan ukur jadi wangunan jeung administrasi. Ari lamun aya kapercayaan, koperasi bisa jadi kakuatan ékonomi masarakat.
Pa RT tuluy nyaritakeun pangalaman Koperasi Keling Kumang di Kalimantan Barat nu bisa maju lantaran pendidikan anggota, kapamingpinan nu kuat, jeung partisipasi masarakat. Ceuk pa RT, nyaritakeun bari pepeta pedah aya dulur jauhna nu kungsi bubuara di Kabupaten Sanggau Kalbar.
“Maranéhna hasil lain lantaran miboga téknologi pangcanggihna,” pokna. “Tapi lantaran warga silih percaya, silih diajar, jeung ngarasa yén koperasi téh milik maranéhna sorangan.”

Omongan éta ngajadikeun suasana jadi haneut deui.
Di Dusun Sudimampir, warga mimiti ngabayangkeun rupa-rupa kamungkinan anyar. Hasil panén teu kudu buru-buru dijual. Keripik, seblak, opak, rangginang, jeung produk UMKM bisa dipasarkeun leuwih lega. Barudak ngora bisa mantuan promosi digital. Ibu-ibu bisa meunang palatihan usaha. Patani ogé bisa leuwih gampang meunang aksés modal.
Tangtu waé, éta kabéh moal kajadian dina sapeuting.
Ngawangun koperasi nu séhat merlukeun waktu, kasabaran, kajujuran, jeung gawé babarengan.
Sarua jeung melak paré. Hasil nu hadé moal datang tina kagopohan. Mimiti tumuwuh tina bibit nu hadé, taneuh nu subur, jeung leungeun-leungeun nu daék miarana babarengan.

Panonpoé mimiti luhur. Hiji-hiji warga miang ka pagawéanana séwang-séwangan. Tapi obrolan isuk éta ninggalkeun harepan anyar.
Harepan yén KDMP kalayan sumanget Koperasi Kuantum lain ngan ukur program nu datang tuluy indit. Harepan yén koperasi bisa jadi imah babarengan pikeun ékonomi désa. Harepan yén gotong royong nu geus lila hirup di Dusun Sudimampir bisa manggihan wangun anyar nu leuwih kuat. Leuwih modéren, sarta leuwih mawa mangpaat pikeun generasi ayeuna jeung generasi nu bakal datang.

Jeung sakumaha ceuk Bi Alsih bari beberesih gelas kopi nu kosong.
“Mun koperasi ieu enya-enya milik warga, dijaga ku warga, jeung dipaké keur warga, insyaallah moal gampang gagal. Sabab nu ngajagana lain ukur saurang, tapi sakabéh warga lembur.” Mugia warga dusun Sudimampir jeung warga lembur liannya, leuwih mamur karta raharja, ku ayana sumanget kuantum dina Koperasi anyar ieu.